Wilujeng Sumping Di "Media" na Urang Sunda

Bissmillahirrochmaanirrochiim. Sadayana Wartawan Media Soara Sukapura Indonesian Online News di Bahanan Kartu Identitas (Id Car) sareng di larang ngalanggar kana Kode Etik Journalistik Indonesia Sareng kedah Taat Tumut kana UUD 1945 sareng tunduk dina Aturan UU No 40 Tahun 1999 ( kanggo Pers Journalis Indonesia) sareng ka simpatisan ( Nara Sumber) di larang masihan barang , boh bilih aya Fitnah anu teu di harepkeun.

Sabtu, 10 September 2011

PAMUKA PORSENI TINGKAT KKMI SA-KABUPATIAN TASIKMALAYA DI BUKA KU BUPATI

BUPATI TASIKMALAYA NALIKA MUKA ACARA PORSENI TINGKAT KKMI DI PAYUNEUN GEDONG KANTOR KEMENAG KAB.TASIKMALAYA
Kabupatian Tasikmalaya SS.
Kagiatan "Resmi" anu di ayakeun ku Kementrian Agama Kabupatian Tasikmalaya , poe Saptu ( 10-09-2011) nyaeta Pamuka Porseni (Pekan Olah Raga & Seni) sa- KKMI ( Ketua Kelompok Madrasah Ibtidaiyyah)  Kabupatian Tasikmalaya lumangsung tadi Siang , nu Muka na dina acara Resmi Eta Bupati H. UU R Ullum , dina Pidato ( Pamukana) Bupati anu "Pituin" kaluaran salah sahiji MI ( Madrasah Ibtidaiyyah) di Daerah Asalna ( Kecamatan Manonjaya) masihan carios anu di bayuan ku seuri ( Haseum) para Hadirin anu ngabandungana , " Kapungkur sim abdi , teh Sakola di hiji MI ( Madrasah Ibtidaiyyah-Red) , anu bangunana Awon , sareng sadayana oge uninga Bangunan gedong MI mah osok katingali bentena ti Sakola-sakola sanes " Saurna ku gentra guyona.
Acara Oge di Hadiran Ku Pajabat-Pajabat Kementrian Agama Kabupatian Tasikmalaya sapertos Kepala Mapenda, Kasi Urais Kemenag , sareng nu sanesna sa-Lingkungan Kemenag Kabupatian Tasikmalaya.
Pupuhu Kemenag Kabupatian Tasikmalaya H. Dadang . R dina cumarios Pidatona nyangemkeun " Kemenag Kabupatian Tasikmalaya mudah-Mudahan langkung majeng deui ku tatali silaturrachmi ku jalan acara Porseni ieu" cariosna ku nada Nu jelas.
Pupuhu Panitya Dadang ngajelaskeun Peserta ti 21 KKMI sa-Kabupatian Tasikmalaya , anu di Rojong ku 200 MI , nampilkeun peserta ti tiap-tiap MI teh 97 Urang peserta ti sababaraha cabang Olah Raga anu di Lombakeun , jumlah Peseta sareng ( Opecial) sadayana 2.636 urang , anu di nanggung resiko Biaya nu di tanggung ku-Swadaya Kemenag Kabupatian Tasikmalaya (Sa-piri Umpi) sareng ti anu Shodaqoh kalayan teu aya maksad sanes !! " Cenah .  


Acara oge , di Rarame ku Pawai ( Ta,aruf) sadaya Pesrta sareng Ofecial ti Daerah-Daerah sa-KKMI Kabupatian Tasikmalaya , ngurilingan Kota Singaparna ( Ibu Kota Tasikmalaya ) .( Rizal Sundani)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar