Wilujeng Sumping Di "Media" na Urang Sunda

Bissmillahirrochmaanirrochiim. Sadayana Wartawan Media Soara Sukapura Indonesian Online News di Bahanan Kartu Identitas (Id Car) sareng di larang ngalanggar kana Kode Etik Journalistik Indonesia Sareng kedah Taat Tumut kana UUD 1945 sareng tunduk dina Aturan UU No 40 Tahun 1999 ( kanggo Pers Journalis Indonesia) sareng ka simpatisan ( Nara Sumber) di larang masihan barang , boh bilih aya Fitnah anu teu di harepkeun.

Sabtu, 10 September 2011

BANTUAN SOSIAL KASEHATAN RAHAYAT DESA ARJASARI KECAMATAN SARIWANGI

Kuwu Arjasari Nalika ka giatan Baksos Kesehatan di Kantor Desa na
Kabupatian Tasikmalaya SS.
Dina ngalaksanakeun Babakti na Ka Masyarakat , Desa Arjasari Kecamatan Leuwisari Kabupaten Tasikmalaya ngayakeun Bakti Sosial Kasehatan ka-120 Peserta , sabudeureun Desa Arjasari .
Bakti Sosial Kasehatan Masyarakat eta di Luluguan Ku Team Luluguna nyaeta TKSK (Tenaga Kasejahteran Sosial Kecamatan) , TKSK teh mangrupa Aktivis Kasehatan anu osok ngarope Kasehatan "Gratis" ka Unggal Wewengkon Desa sa-Indonesia , dina prakna sawaktu Soara Sukapura Online News ngahaja ningali ka-Giatan Mulya eta di salah sahiji Desa anu kacida merhatikeun kana ka sehatan Rahayatna nyaeta di Desa kasebut bieu, katinagali aya Hiji Mobil anu ngajugrug "Gigireun" Kantor Desa Arjasari Mobil anu make Lambang ( Bulan Sabit Merah) , nyatana Kerjasama para Aktivis Kasehatan Eta boga Iketan gawe bareng jeung Aktivis Dunya.
Kagiatan Baksos kanggo Masyarakat Desa nu di lakukeun di Jero Ruangan Kantor  
Warga Desa Eta , nu ka bagian "Karcis" anu di sebar Ku Desa kaciri Daratang , jeung masyarakat ka cida "Bungah" na meunang pang-Hayap tina "Program" eta , salah saurang Ibu-Ibu anu keur Reuneuh 8 Bualan , mere pendapat hade nalika cacarita ka Soara Sukapura Online News " Alhamdulillah, abdi di pasihan Vitamin (Obat) sareng pamariosan ka-utun inji ieu" Cenah saurna Ibu Marni kalawan raray marahmay.
Kuwu Desa Arjasari Yadi Rusmayadi , minangka Pupuhu Desa Arjasari nerangkeun sapuratina tina kagiatan pentin eta " Aduh ..nya Alhamdulillah,we rencana ieu bisa ka Wujud , para Peserta nu nampi Ondangan teh mun di Wincik mah , 30% Ibu Hamil ( Reuneuh) sareng 70% Pasiaen Umum " saurna.
Acara Eta oge di Hadiri Ku Wawakil Camat Leuwisari (Sekmat Leuwisari) Ir.H.Zainal Furqon , ngan dina acara eta Sekmat teu nerangkeun Nanaon ngan nyarita basajan bae ka SS , " Nya ..mudah-mudahan Acara ieu, tiasa teras di laksanakeun sareng nyamung, kanggo masyarakat mah tos kacida Nganuhunkeuna ka Pihak-Pihak nu tos ngarojong kana Kagiatan Kesehatan Grtis teh.." Sekmat ngajelaskeun ka-Bingahna. ( Rizal Sundani)    

Tidak ada komentar:

Posting Komentar