Wilujeng Sumping Di "Media" na Urang Sunda

Bissmillahirrochmaanirrochiim. Sadayana Wartawan Media Soara Sukapura Indonesian Online News di Bahanan Kartu Identitas (Id Car) sareng di larang ngalanggar kana Kode Etik Journalistik Indonesia Sareng kedah Taat Tumut kana UUD 1945 sareng tunduk dina Aturan UU No 40 Tahun 1999 ( kanggo Pers Journalis Indonesia) sareng ka simpatisan ( Nara Sumber) di larang masihan barang , boh bilih aya Fitnah anu teu di harepkeun.

Jumat, 09 September 2011

KANTOR DESA WARGAKERTA KECAMATAN SUKARAME KEUR TERUS "DI WANGUN" DI HADEAN

Kantor Desa Wargakerta Kacamatan Sukarame " Nu keur di wangun"
Kabuptian Tasikmalaya/ SSON.
Dina Taun ieu (2011) , Kabupatian Tasikmalaya nu miboga "Kantor" gede,di Singaparna , geus nganyatakeun pangwangunan ( di-sababaraha Bagian Pangwangunan) di antarana " Ngomean" kantor-kantor Desa nu ka-ayannana masih keneh "Ramijud" goreng keneh, saperti , katempona teu Uni.
Di Kabupatian Tasikmalaya sabenerna masih loba keneh kaayaan Kantor nu kurang "Srek" ajangeun di sebut, kantor-kantor nu di ancokeun jang ngalayanan Rahayat loba.
Tapi dina danget ayeuna , urang perlu "Syukuran" , jeung nganuhunkeun ka Pamarentah Kabupatian nu di Pimpin Ku Bupati Anyar nu ka-mari ieu di Lantik .
Bupati ka-pilih H. UU Ruzhanul Ulum jeung Wawakil na H.Ade.Sugianto geus nganyatakeun janjina ( Sapalih) di Antarana " Ngucurkeun" dana-dana jang ngawengku pangwangunan di sababaraha bagian , nya di antarana " Mere" jang ngomean Kantor Desa.
Salah sahiji Kantor Desa nu di Omean teh di antrana , Kantor Desa Wargakerta Kacamatana Sukarame, katingali nepika tulisan ieu di jieun " pangwangunan " eta terus di laku keun.
Kaayan Desa Wargakerta nu basajan, eta leuwih ka "Tingali" ka - basajanananan , nalika waktu ka liwat, tapi Alhamdulillah ayeuna Kantor Desa teh geus di Omean.
Kuwu (PJS) Asep dina lain Waktu pernah "Nyarita " jeung SS , dina cumaritana PJS Kuwu Wargakerta nerangkeun " Ieu pangwangunan , tiasa ka laksanakeun dina Tahun Ayeuna ( 2011) , artosna Alhamdulilah sih piwelas "Dewan" , anu di kucurkeun ka Desa-Desa sa-Kabupatian Tasikmalaya (Dana Aspirasi) anu Seueurna 25.000.000 Rupiah , pi-Doana ti sadayana mudah-mudahan pangwangunan ieu tiasa "cumpon" sareng rengse kalawan teu aya halangan-harungan anu tiasa nyababkeun pangwangunan ieu teu "Rengse"..!!" Saurna.
Asep teh , tadinamah Ngawengku padamelan di Kantor Desa Wargakerta teh ngan janten Sekertaris Desa , ngan dina waktos nu kalangkung Desa Wargakerta Kacamatan Sukarame , ka-papatenan ku di Kantunkeun Pupus ku Kuwu ( Sepuh) , janten Masyarakat langsung wae "Nunjuk" Asep janten Kuwu Di Desana .
Salah saurang Rahayat Desa Wargakerta milu " Cumarita " , ka-ayaan Pamarentahan Desana " Alhamdulillah , geuning sanajan PJS ( Pajabat Samentawis) Kuwu Desa Wargakerta , pak Asep teh tos ka tingali ngabdi-na ka Masyarakat , nya eta salah sawiosna " nganyatakeun" pangwangunan Kantor Desa , nu bade "Rug-Rug", Kang Ade (51) nerangkeun , ku gentrana nu pinuh ku kayakinan.( Rizal Sundani)  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar