Wilujeng Sumping Di "Media" na Urang Sunda

Bissmillahirrochmaanirrochiim. Sadayana Wartawan Media Soara Sukapura Indonesian Online News di Bahanan Kartu Identitas (Id Car) sareng di larang ngalanggar kana Kode Etik Journalistik Indonesia Sareng kedah Taat Tumut kana UUD 1945 sareng tunduk dina Aturan UU No 40 Tahun 1999 ( kanggo Pers Journalis Indonesia) sareng ka simpatisan ( Nara Sumber) di larang masihan barang , boh bilih aya Fitnah anu teu di harepkeun.

Kamis, 08 September 2011

"PELAK" DEUI KALAKUAN SALING ANJANGAN JEUNG DULUR JEUNG BARAYA

Dina lalampahan ka-hirupan , urang Sunda Khususna, sipat babarayaan ka "Pelak" keun jeung geus teu kudu di bahas leuwih Wincik deui , urang Sunda "Buhun" terutamana ( Karuhun) sok ngawanti-wanti , ka sanak , baraya , jeung turunan-na , supaya manjangkeun "Babarayaan" ngaliwatan sababaraha tarekah.
Tarekah nu paling " Kerep" di lakukakeun ku Karuhun-karuhun urang nyaeta, Silaturrachmi ku jalan , saling Anjangan .
Saling anjangan teh minangka kajadian Aheng , anu ku karuhun "Sunda" di pake bahan jang ngaraketkeun tatali "Ba-barayaan" kabiasaan ieu geus ampir leungit, di jatining Urang Sunda Khususna , di Kampung boh di Kota di Wewengkon Pasundan , geus tumuwuh " Bibit - Buit" ngajauhkeun Pahumaan ( Babarayaan) , hal ieu di talungtik , ku Panulis aya sababaraha " sabab " , nomer ka Hijina mah " Teu bisa ngalongok dulur, kulantaran ka-ayaan "teu boga bawaeun" (Oleh-Oleh) , jadi kendorna silih anjangan teh ngan boga Alesan anu teu Munasabah".
Ngaliwatan "Seratan" dina Soara Sukapura Online News ieu, ka dulur-dulur baraya urang Sunda ti "Kulon nepi ka Wetanna" ti Tutugan Banten nepikeunka Ampahan Banjar ( Patroman) , hayu urang Mumule, budaya urang Sunda , nyaeta silih anjangan silih pika nyaah jeung dulur-dulur urang ( Sa-Agama-sa-Sunda) , tong aya paribasa (Deet) nu nyababkeun urang jauh-Huma pajauh babarayaan ku lantaran "Jinis" Pangaboga Dunya anu Moal di bawa ka Liang "Kuburan" urang.
Dina tungtung "Paguneman" ngaliwatan tulisan basajan ieu, nu Nulis ieu , dina Soara Sukapura Online News oge , ngahaja ngingetan dirina , supaya tatali babarayaan urang teu pegat . ( Rizal Sunda) 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar